21/08/2026
Ngamumule Budaya, Miéling Jasa Karuhun, Ngajaga Cianjur✨
Dina raraga miéling HUT ka-81 Republik Indonesia sareng Hari Jadi Kabupaten Cianjur ka-349 kalayan téma “Rahayat Raksa Raharja”, hayu urang babarengan ramaikeun Karnaval Budaya Hari Jadi Kabupaten Cianjur ka-349.
🗓️ Sabtu, 22 Agustus 2026
🕡 06.30 WIB - selesai
📍 Start: Jl. Perintis Kemerdekaan (Toko Nuhun)
🏁 Finish: Jl. Siliwangi Cianjur
Ti mimiti ngaléngkah, warna-warni budaya, seni, sareng tradisi bakal ngahiji dina hiji helaran anu pinuh ku kameriahan. Hayu urang saksikeun kumaha Cianjur ngahirupkeun deui kabeungharan budayana, bari babarengan miéling jasa para karuhun.
Sanggeus kameriahan karnaval, wengi urang tepang deui dina Gema Syiar Cianjur di Masjid Agung Cianjur.
🕢 19.30 WIB - selesai
📍 Masjid Agung Cianjur
🎙️ Ustadz Dennis Lim
🎶 Musik Religi Opick
Hiji dinten pinuh ku budaya, syiar, sareng kabersamaan. Gratis kanggo sadaya masarakat.
Hayu ramaikeun, hayu janten bagian tina kameriahan Hari Jadi Kabupaten Cianjur ka-349!
Wilujeng Hari Jadi Kabupaten Cianjur ka-349!
Rahayat Raksa Raharja!